Sisindiran paparikan mibanda ciri ieu di handap nya éta padeukeut na sora dina padalisan

Dina wacana di luhur, omongan anu digunduk- gunduk sarta dicondongkeun disebutna sisindiran, nyaéta omongan anu eusina dibalibirkeun, henteu langsung kana maksud. Nurutkeun wangunna, sisindiran téh aya tilu rupa: Paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Geura urang pedar hiji-hiji.

1. Paparikan

Paparikan téh kaasup wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa padalisan. Conto dina paguneman di luhur:

Ngawuluku ngawalajar kudu dibaladah heula dina waktu rék diajar hayu ngadaro’a heula

Ibu guru téh ngajak ngado’a ka barudak saméméh der diajar. Eta maksud anu poko téh dikedalkeunana dina jajaran katilu jeung kaopat, nyaéta

Dina waktu rék diajar Hayu ngadaro’a heula

Tapi ngedalkeunana henteu langsung pok, dibali- birkeun heula dina cangkang nyaéta jajaran kahiji jeung kadua nyaéta:

Ngawuluku ngawalajar Kudu dibaladah heula

Jadi dina paparikan téh aya bagian cangkang jeung bagian eusi. Ku ayana cangkang anu sorana nyindirkeun kana pieusieun, karasa ngeunah pisan kadéngéna. Lamun ku urang ditengetan, bréh baé katénjo, paparikan téh diwangun ku opat jajar. Dina sajajarna diwangun ku dalapan engang. Geura urang pérélékeun:

Nga - wu - lu - ku - nga - wa - la - jar 1 2 3 4 5 6 7 8 Ku - du - di - ba - la - dah - heu - la 1 2 3 4 5 6 7 8 Di - na - wak - tu - rék - di - a - jar 1 2 3 4 5 6 7 8 Ha - yu - nga - da - ro - a - heu - la 1 2 3 4 5 6 7 8

Satuluyna pék tengetan kecap dina tungtung jajaran: _____________________ ngawalajar _____________________ heula _____________________ diajar _____________________ heula

Dina kecap ngawalajar jajaran kahiji, aya sora anu dibalikan deui dina jajaran katilu nyaéta diajar. Kecap heula dina jajaran katilu mah dibalikan sagemblengna dina jajaran kaopat. Jadi, kecap ngawalajar murwakanti jeung kecap diajar dina sora jar, sedeng kecap heula dina jajaran kadua murwakanti jeung kecap heula dina jajaran kaopat.

Lian ti murwakanti di tungtung, ogé aya nu murwa- kanti ti mimiti kénéh. Geura tengetan paparikan di handap:

Titiran eunteup ngajajar bangkuang palid ka sisi sisindiran opat jajar aya cangkang aya eusi

Sabada dititénan, kapanggih anu murwakanti téh lain tungtung wungkul. Méh jéntré geura urang réndéngkeun jajaran kahiji jeung katilu, kadua jeung kaopat:

Titiran eunteup ngajajar Sisindiran opat jajar Bangkuang palid ka sisi Aya cangkang aya eusi

Tétéla pisan kecap titiran jeung ngajajar dina jajaran kahiji murwakanti jeung kecap sisindiran jeung jajar dina jajaran kaopat. Kitu deui kecap bangkuang jeung sisi dina jajaran katilu murwakanti jeung kecap cangkang jeung eusi dina jajaran kaopat.

Dumasar kana conto di luhur, bisa dicindekkeun ciri-ciri paparikan téh nyaéta:

a. Sapada [sagunduk] diwangun ku opat padalisan [jajar]

b. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedeng padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.

c. Jumlah engang dina unggal padalisan umumna aya dalapan engang.

d. Sora tungtung padalisan kahiji sarua jeung tungtung padalisan katilu, sora tungtung padalisan kadua sarua jeung sora tungtung padalisan kaopat.

2. Rarakitan

Rarakitan ampir sarua jeung paparikan, boh sorana boh ciri-cirina. Ngan bédana téh, dina rarakitan mah aya kecap anu dibalikan deui sagemblengna jadi sarakit- sarakit atawa sapasang-sapasang.

Contona:

Kudu getol neukteuk kuku ngarah pinter lamun dangdan kudu getol maca buku

ngarah pinter jiga Dadan

Kecap kudu getol dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu, kitu deui kecap ngarah pinter dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat. Jadi

aya kecap anu sarakit-sarakit atawa sapasang-sapasang nyaéta kecap kudu getol jeung kecap ngarah pinter. Titénan deui conto di handap:

ulah ngala cocongoan Bisi ruksak tangkal manggu Ulah waka bogohan

Bisi sakola kaganggu

Kecap ulah dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu, kitu deui kecap bisi dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat.

Sanaos ka Haur geulis Andi mah resep ka Cina Sanaos Neng Nunur Geulis Andi mah resep ka Rina

Kecap sanaos dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu. Kitu deui kecap Andi dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat. Eta sababna disebut rarakitan.

3. Wawangsalan

Wawangsalan mah najan asup kana sisindiran, boga wangun anu béda mun dibandingkeun jeung paparikan atawa rarakitan. Wawangsalan ukur diwangun ku dua jajar. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, jajaran kadua mangrupa eusi. Saliwat mah antara cangkang jeung eusi kawas nu taya patali nanaon. Kakara karasa nyambung lamun geus kapanggih wangsalna [eusina], nyaéta hiji kecap anu dibalibirkeun [ditarucingkeun] dina cangkang, sarta sabagian atawa sakabéh éta kecap murwakanti jeung salahsahiji kecap [sabagian atawa kabéh] nu aya dina eusi.

Geura titénan contona:

Anténeu piring nu badag

Sing garetol ka sakola [parabola]

Anténeu piring nu badag. Ieu mangrupa cangkang. Kira-kira naon disebutna anténeu anu wangunna jiga piring badag. Geus pasti disebutna téh parabola. Kecap parabola dibalibirkeun dina kecap sakola dina jajaran kadua. Jadi kecap sakola murwakanti jeung parabola.

Titénan conto kadua:

Mesin ketik maké layar

Dialajar ambéh pinter [komputer]

Jaman ayeuna naon deui atuh mesin ketik anu maké layar lamun lain komputer. Da mesin ketik biasa mah teu maké layar. Jadi eusina geus katebak, pasti komputer. Lamun maca jajaran kadua beuki yakin waé eusina komputer lantaran aya kecap pinter anu murwakanti jeung komputer. Titénan conto katilu:

Abdi téh kapiring leutik

Kaisinan ku gamparan [pisin]

Dina cangkang disebutkeun piring leutik. Ari piring leutik téh disebutna pisin. Jawaban pisin nyamuni dina kecap ka-isin-an. Isin murwakanti jeung pisin.

Sabada niténan conto di luhur, bisa dicindekkeun wawangsalan téh mibanda ciri:

a. Sapada diwangun ku dua jajar [padalisan]

b. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, sedeng jajaran kadua mangrupa eusi

c. Jumlah engang dina unggal jajar umumna dalapan engang

d. Aya wangsal anu nyambungkeun cangkang jeung eusi.

4. Eusi Sisindiran

Mun niténan sisindiran dina paguneman di luhur, eusina téh bisa digolongkeun jadi:

a. Papatah, sisindiran anu eusina mapatahan nitah bener atawa nyaram lampah salah.

Contona: Ulah loba dahar peuteuy ngala awi ngan sabuku barudak ulah hareureuy sok geura baruka buku Kudu getol neukteuk kuku ngarah pinter lamun dangdan kudu getol maca buku

ngarah pinter jiga Dadan.”

b. Silih asih, sisindiran nu eusina ngagambarkeun karesep atawa kanyaah ka papada jalma.

Contona : Sanaos ka Haur geulis Andi mah resep ka Cina Sanaos Neng Nunur Geulis Andi mah resep ka Rina

c. Heureuy, banyol atawa gogonjakan nyaéta sisindiran anu eusina pikaseurieun atawa matak kapiasem.

Contona: Isukna muka komputer diseuseulan ku Bu Lilis Rina mah sanés mung pinter katambihan ogé geulis... Mandi isuk rada beurang Tampian jalanna nanjak Andi atos terus terang Badé ditampi, ditolak? Andi resep dahar peuteuy Ngan sapérak sakilona

Andi mémang resep heureuy

Nu matak awét jomlona

Meuli pedes ngan sakilo

Diwadahan ku Si bayu

Andi mah da sanés jomlo Ngan sakadar henteu payu

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Purwakanti dalam bahasa Indonesia disebut rima. Dalam bahasa Sunda, purwakanti nyaeta padeukeutna sora engang tungtung, boh antar kecap dina padalisan atawa antar padalisan dina sapada puisi.

Dalam bahasa Indonesia, purwakanti artinya yaitu miripnya suara atau bunyi ujung suku kata, baik ujung suku kata dalam baris, maupun antar baris dalam bait puisi.

Kemiripan bunyi suku kata akhir antar kata-kata dalam padalisan atau barisan disebut purwakanti rantayan. Contohnya: diteuteup ti hareup sieup, genah merenah tumaninah, geten titen tulaten, dan lain-lain.

Sedangkan kemiripan ujung suku kata antar baris dalam bait disebut purwakanti runtuyan. Contohnya:

Peuting tadi kuring nyaring

Lantaran hate keur gering

Inget wae kanu di tepis wiring

Puisi Sunda sendiri ada yang berbentuk cerita dan non cerita. Puisi yang berbentuk cerita contohnya wawacan dan carita pantun, sedangkan yang non cerita contohnya sisindiran dan guguritan.

Baca juga: Contoh Sisindiran tentang Corona

Jenis-jenis Purwakanti

Dikutip dari wikipedia, menurut M.A. Salmun, purwakanti terbagi menjadi 10 jenis, yaitu sebagai berikut:

Purwakanti pangluyu

Hartina nyaeta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan. Ungkara artinya susunan kata dalam baris atau kalimat. Pangluyu artinya ngaluyukeun [menyamakan] suara dalam kata-kata.

Contohnya:

Genah merenah tumaninah [a, nah]

Diteuteup ti hareup sieup [eu, eup]

Purwakanti maduswara

Yaitu kata yang murwakanti suara vokalnya. Murkawanti adalah kata sifat dari purwakanti.

Contohnya:

Ratu mikaungyun menak misuka deungeun-deungeun deudeuheun [u, u, a, a, eu, eu]

Bral gera lumampah jung buru lumaku [a, a, a, u, u, u]

Napsu kapegung [u]

Eleh deet [e]

Jauh dijugjug anggang diteang [u,u, a,a]

Purwakanti cakrawarsa

Artinya yaitu purwakanti yang timbul akibat ada suara-suara vokal yang bersilang tempat dalam kata yang berdekatan. Contohnya:

Ngumbar napsu, hirup hurip, anjuk hutang,.

Purwakanti laraspurwa

Yaitu purwakanti yang murwakanti suku kata atau wianjana awal kata, baik rantaran maupun runtuyan.

Contoh laraspurwa engang [suku kata]:

  • Kembang bodas buah bunder [dari wawangsalan]
  • Laut kidul kabéh katingali [dari guguritan]
  • Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten [dari kakawihan]

Contoh laraspurwa wianjana [suku kata]:

  • Nyaksrak nyaliara
  • Sakadar sabrang salayan
  • palataran pasini pati

Purwakanti larasmadya

Artinya purwakanti runtuyan yang ada di tengah ungkara padalisan [ditengah baris]. Contohnya:

Sok hayang nyaba ka Bandung

Sok hayang nyaho nanjakna

Sok hayang nanya nu pundung

Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Yaitu purwakanti yang murwakanti suku kata akhir, baik dalam kata-kata dalam baris maupun kata-kata antar baris [ujung baris]. Contohnya:

Pecat sawed bati ewed

tengah dalu ngan hanjelu

mo humandeuar ku kadar

teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Mindoan artinya mengulangi, kawit artinya awal. Jadi mindoan kawit artinya diulangi di awal padalisan atau awal ungkara.

Contoh:

Lain bangban lain pacing,

lain kananga kuduna.

Lain babad lain tanding,

lain ka dinya aduna kitu deui

Purwakanti mindoan wekas

Yaitu ada kata yang diulangi di ujung padalisan atau ungkara. Contohnya:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding

teu diturut ka carogé maling-maling

carogéna keur goréng ulaheun ginding

samping goréng bajuna teu maké kancing.

Purwakanti mindoan kecap

Yaitu mengulangi kata pada kalimat tapi artinya beda. Contohnya:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.

Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Yaitu mengulangi kata dari ujung padalisan ke awal padalisan berikutnya. Contohnya sebagai berikut:

Sukingki haté sukingki

sukingki paselup bungah

Bungah kagiridig simpé

Simpé awak talipurna

talipurna manjing sirna

sirna ringkang nu sakujur

sakujur kadua rasa.

Demikianlah penjelasan mengenai arti, jenis, dan contoh purwakanti. Semoga bermanfaat.

Video yang berhubungan

Bài mới nhất

Chủ Đề